BALADA OJOL Kabulusan

Narik ka arah bandung timur ti leuwipanjang. Disekitar pasir impun hujan ngagebret..milu ngiuhan di pangkalan opang .
  • "Gojek kang?". Aya opang nu kepo.
  • "Muhun kang,ngiring ngiuhan nya". Ceuk kuring.
  • " Mangga, bari ngopi gera meh haneut".pokna..bari ngareret ka kios. 
  • "Muhun ah". Pas deuk muru kios si mamang Opang ngagorowok.
  • "Sadut pangnyieunkeun kopi euy, hiji wé". 
  • "Naha akang moal kitu?". Ceuk kuring.
  • "Ah,gaduh panyawat maag abdi mah kang".. Kuring ngaluarkeun udud terus ngasongan udud.
  • Kopi datang..udud + ngopi bari ngobrol nungguan hujan raat.
#indahnya kebersamaan..nuhun saudara tua