Kumaha mun kolot sorangan

Mun inget kajadian kamari beurang. Teu puguh ngagambarkeun perasaan haté. Antara hayang seuri, ngahelas jeung hayang ceurik.. Kieu dongéngna baé rada panjang nya:
  • Papanggih jeung driver ojeg onlen di jalan Bengawan. Manéh jiga keur bingung néangan alamat Meunang orderan pakét. Eusina cireng diwadahan kana kotak plastik jeung dihareup karung teuing naon eusina. Kukuring ditanya. "Badè kaman pak.?"
  • Bari nempo map dina aplikasi. 
  • "Ari Solokan Jeruk téh dimana?". Manehna malik nanya.
  • "Haaar..ari bapa, eta mah di rancaekek atuh,ari eta bapa kèngéng order timana?". ..
  • "Ti Jalan Wuluku kircon, ieu nu ngorder salah nyimpen titik tujuan". Pokna. Bari padahal bener titik A dijalan wuluku, titik B dijalan Solokan Jeruk Rancaèkék.
  • "Ari tadi bapak sateuacan pendak sareng abdi timana heula?".tanya kuring.
  • "Ti pasteur". Jawabna.
  • "Waduh...berarti bapa nu lepat maca, sangkian bapa mah panginten Jl.Babakan jeruk. Tos we kieu pa..ayeuna bapa uihkeun deui eta paket ka pengirimna. Sok ku abdi dijajapkeun simpen motor bapa didieu.wartoskeun we motor bapa rusak jd teu tiasa nganteurkeun ieu paket, daripada kedah ka Solokan jeruk. Tebih pa, bari ongkos ngan 43 rebu".
  • Tapi manehna keukeuh rek nganteurkeun eta orderan da sieun di putus kemitraan cenah.
  • Ya. Allah.. Teu karasa cipanon ngeclak. Kumaha eta mun bapa kuring anu melaan anak pamajikan nyiar nafkah nepika kitu