Aya tilu wanoja anu ngarasa baroga beungeut pas-pasan. Tiluanna ngarasa aral lantaran taya pisan jajaka anu daék ngadareukeutan.
Deuk opersi plastik teu boga waragadna jeung sieun gagal cenah mana kabayang kudu béak sabaraha baskom jang ngoprasina.
Nya maranéhna meunang béja yén dihiji lembur aya dukun anu bisa ngarobah beungeut tanpa operasi. Gancangna carita tilu wanoja eta anu ngarana Ikah,Ijem jeung Ikoh ngajugjug ka éta dukun.
Gancangna carita ku dukun beré uijian dititah ngawirid salila dua poé dua peuting. Ku keyeng mah waktu teu karasa tiluanna lulus dina ujian kahiji.
Ujian anu kadua tiluanna ku guyang dikulah anu aya disisi imah dukun. Maranéhna kudu luncat ka kulah bari maké baju anu dibawa basa keur mimiti datang. Jeung saméméhna ku ngucapkeun hayang jiga saha geulisna.
Giliran kahiji Nyi Ikah..saméméh ngagajleng kakulah manéhna ngucapkeun ."Abdi hoyong geulis sapertos Ashanti"..gajleng..gujubar..!!, bener waé pas mucunghul geulis lir Ashanti. Nyi Ikah kacida bungahna.
Giliran kadua Nyi Ikoh... "Abdi kah hoyong geulis sapertos Luna Maya"..gajleng...gujubar.!, pas mucunghul salin rupa geulis nyeplés Luna Maya. Nyi ikoh hanjat terus sujud syukur.
Nempo dua babaturanna geus salin rupa Nyi Ijem teu sabar ..manéh hayang geuwat ngagejebur.
Manéhna ngawahan. Ngan pas pisan deuk ngagajleng Nyi Ijem tisolédat. Cilakana Nyi Ijem boga panyakit. lamun meunang kareuwas manéhna sok ngucap saucap-ucapna..
Harita Nyi Ijem ngadon ngucap..." Aéh....kanjuuuutt..!"... Gujubaaar..!. Rada lila muncunghulna téh...
Naa éta mah pas mucunghul......euuhh, Kabujeng Néng nong..pamiarsa...hahahhaha.