WASIT GOBLOG

Hiji poe, di stadion  basa pertandingan PERSIB, aya ibu-ibu ngilu nongton di Stadion GBLA, can ge acan mulai maen eta si ibu geus gogorowokan, "Wasit Goblog.... Wasit Goblog...!! Wasit goblog.!".  

Bapak-bapak nu di sabeulahna nempas, " Can Maen Bu.. Can maeenn...!".

Si ibu tetep we ngagorowok, "Wasit Goblog...!! Wasit Goblog..!!,"

Si bapak ngalieuk deui, "Eehh... Si ibu mah,, Acan maeeenn ibuuu... Naha nyebut-nyebut Wasit Goblog...?"

Ceuk si ibu, "Cicingg....!!! Eta wasit salaki aing. Goblog wani-wani nyandung....!!!!".Cenah