Pikeun baraya anu rek marudik make motor, 12 hal dihandap ieu kudu pisan diestukeun:
Mugia salamet di perjalanan. Salam baktos ka kulawargi.
Wilujeng Boboran Shiam 1438 Hijriah...Tong hilap oleh-olehna... hatur nuhun...!!!🙏🏻
- Kudu boga motor sorangan, sabab pan tukang ojeg oge marudik lebaran mah.
- Pariksa rem dina kondisi hade. Ulah nepika di jalan ngerem make sapatu.
- Lampu oge kudu harurung, sangkan engke teu kudu nyaangan jalan make senter ti hape.
- Rante oge omat kudu dipariksa, bisi aya nu maok dipake tawuran ku barudak. Ma’lum kiwari teh keur usum tawuran.
- Spion tah kade… Lumayan keur ngeunteung di jalan sangkan tetep PD.
- SIM Kudu boga. Apal SIM? Surat Ijin Mengemudi. Kamari mah kajadian si UDIN dipegat pulisi, ditanya SIM. Ujug- ujug ngabongkar hape bari nyarita “Bade SIM1 atanapi SIM2 Pak? Hape nu abdi mah Dual SIM.”
- Surat-surat motor kudu dibawa. Ulah sok pinter ngarayu “Pak, surat motor teu kacandak, kumaha upami urang ngadamel surat nikah?”
- Kudu make Helm SNI. Najan gawe diproyek, helm nu karoneng mah tong dipake ari di jalan mah.
- Barang-barang nu gampil nu dibawa. Sabangsaning meja, kasur, asbak, lomari, raket reungit mah teu kudu eta mah…
- Tong gancang teuing. 40-60km/jam ge geus cukup. Ulah kekebutan nepika 160km/jam, bisi nepi ka imah gancang teuing…. Coba mun nepi 3 poe memeh lebaran, pasti bakal dititah mantuan nyieun kueh tah.
- Tapi tong santai teuing, 10km/jam… Bisi lebaran haji kakara nepi atuh.
- Salila di jalan tong lebay, biasa we. Tong make lepas tangan sagala atawa bari dadah dahan jiga selebriti, Komo jeung ngangkat-ngangkat ban hareup mah, atawa nangtung dina jok motor bari puputeran jiga Satria Baja Hitam.
Mugia salamet di perjalanan. Salam baktos ka kulawargi.
Wilujeng Boboran Shiam 1438 Hijriah...Tong hilap oleh-olehna... hatur nuhun...!!!🙏🏻
