Oleh-Oleh Ti Jakarta (Oleh-oleh dari Jakarta)

Oleh-Oleh
Dina Telepon, Saminggu deui ka lebaran Obin rek balik ti Jakarta ... Obin nelpon anakna di lembur ...
  • Obin : "Haalloo jang kumaha cageur ... ?"
  • Budak : "Alhamdulillah abdi damang pa" ... 
  • Obin : "Si ema cageur ...?"
  • Budak : "Sae...  pa ... iraha bapa mulih ?"
  • Obin : "Ha min dua Jang" .
  • Budak : "Candakkeun oleh-oleh nya pa !" 
  • Obin : "Enya sok sebutkeun hayang naon Ujang ... ???" 
  • Budak : "Assieekk ... ! Ujang hoyong gentos hp android toskrin samsung tea pa ... méh gaya mun apél ka Neng Erni"... 
  • Obin : "Enya ku bapa  di bawakeun ... tuluy hayang naon deui ... ???"
  • Budak : "Hoyong hendikém Pa , meh tiasa soting pidio jeung Neng Erni". 
  • Obin : "Gampang ke ku bapa di bawakeun" . Tanya si Ema maneh , hoyong oleh-oleh naon kituh ... ???
  • Budak : "Pa , saur si Ema ... Ema mah hoyong kutang nu mahal cenah pa" ...
  • Obin : "Ulah nu kitu , taroskeun deui nu lain kituh ... !"
  • Budak : "Pa , saur si Ema , mun teu kutang ... cangcut wé cenah nu saé, nu nganggo renda-renda rada barolong aralit téa cenah... nu di imah geus saroék pa". 
  • Obin: "Ulah nu kitu kituh ! nu lain wé ! dompét ... hp ... jam tangan ... kalung ... atawa nu lain ... !"
  • Budak :  "Keukeuh Pa , hoyong eta waé cenah" .
  • Obin : "Euh ... ! bejakeun teu bisa nu kitu mah ... !"
  • Budak : " Ceuk si Ema naha cenah pa ... ?".
  • Obin : Rada ngahelas... " Hésé nyopétna ..nukitu mah".‼