Udin geus ginding rék ka imah awewe nu diincerna, méméh ka imah awewe nyimpang heula ka tukang kembang.
- Udin : “ Mang…, kembang nu beureum hiji….”.
- Tk.Kembang : “ Rék apél Jang….? “.
- Udin : “ Muhun Mang..”.
- Tk.Kembang : “ Hébat lah mani romantis..
- Udin : “ Udin téa atuh…,gaul gitu looohh, éh…Mang hiji deui kembangna…”.
- Tk.Kembang : “ Keur saha deui Jang..? “.
- Udin : "Keur adina Mang, sok delak delék waé, jigana bogoheun oge ka abdi.”.
- Tk.Kembang : “ Mani hawek Jang…”.
- Udin : “ Wah mang urang hanca wé duanana…. eh…kétang hiji deui wé mang kembangna “.
- Tk.Kembang : "Keur saha deui jang….????? “.
- Udin : "Keur Indungna mang, lumayan geulis kénéh katingalina mah, mun abdi kadinya sok melong waé, sigana sarua bogoheun ka abdi..”.
- Tk.Kembang : "Beu budak ngora ayeuna ku nurustunjung “. (Jero hatena)
Nepi ka imah kabogohna, Udin geus didagoan ku kabogohna, adina jeung indungna rék diajak dahar bareng, ngan méméh dahar ngadagoan heula bapana can balik gawe....
Teu lila torojol Bapana datang, Udin langsung tungkul mingpin do’a... meni khusu da hayang kapaké meureun.
Meni lila deui Udin nga du'a na, saréréa geus cangkeul, Udin kalah beuki tungkul, kabogohna kesel tuluy noél bari ngaharéwos.. “ Teu nyangka gening Aa téh menii religius nga do’a meni lami…”.
Udin bari masih kénéh tungkul teu kuat bari semu nahan ceurik nembalan bari ngaharéwos. “ Aa gé teu nyangka gening bapa Néng téh Tukang Kembang “
