Meuning Mana, Lemper Anu Teu Dibungkus Atawa Dibungkus?(Pilih mana, lemper yang terbuka atau yang masih terbungkus)

lemper
Saurang Bapa nanya ka budakna, perkara padaharan anu disuguhkeun
  • Bapa : "Jang, ka dieu!"
  • Budak : "Aya naon Bah, sok rareuwas"
  • Bapa : "Cik Jang, Abah nanya. Lamun Ujang disuguhan lemper dua siki dina piring. Nu hiji geus teu aya bungkusan katempo lemperna, nu hiji deui masih dibungkus. Ujang rék nyokot nu mana?"
  • Budak"Nyokot nu masih aya bungkusan atuh Bah?"
  • Bapa : "Naha naon sababna Jang?"
  • Budak"Atuh da nu teu dibungkus mah boa geus dieuntreupan laleur, boa geus kakebulan Bah."
  • Bapa : "Tapi yakin nu dibungkus geus pasti bersih Jang?"
  • Budak : "Najan can yakin bersih tapi sahanteuna geus kasinglar tina laleur jeung kebul Bah."
  • Bapa : "Tah, kira kira siga kitu nu kaayaan jalma anu katempo orat jeung nu sok nutup orat teh Jang." 
  • Budak : "Kutan kitu Bah?" 
  • Bapa : "Naha nungkup beuteung Jang?"
  • Budak"Jadi lapar Bah, hayang lemper. Hehe"
  • Bapa : "Ah, géhéh téh. Puasa deuleu!"
  • Budak : "Naha Abah gé nungkup patuangan?"
  • Bapa : "Kabelet deuleu Abah mah hayang modol." Ngabéngbéos.

Terjemahan

Seorang Bapak nanya ke anaknya, tentang makanan yang dihidangkan
  • Bapa : "nak, sini!"
  • Budak : "Aya naon Bah, sok rareuwas"
  • Bapa : "Coba nak, Bapak nanya. umpama kamu disuguhi lemper dua biji di piring. Yang satu sudah tidak dibungkus terlihat lempernya, yang satu lagi masih dibungkus. mau ngamnbil yang mana?"
  • Budak : "Ngambil yang masih dibungkus dong pak?"
  • Bapa : "Apa sebabnya?"
  • Budak : "Mungkin yang tidak dibungkus sudah pernah dihinggapi lalat, atau terkena debu"
  • Bapa : "Tapi yakin yang dibungkus pasti bersih?"
  • Budak : "Meskipun belum yakin bersih, tapi setidaknya sudah terhindar dari lalat dan debu"
  • Bapa : "Nah, kira kira seperti itulah kondisi orang yang terlihat aurat dan yang suka menutup auratnya nak" 
  • Budak : "Oh begitu pak?" 
  • Bapa : "Kenapa nutupin perut nak?"
  • Budak : "Jadi lapar pak, pengen lemper. Hehe"
  • Bapa : "Ah, kamu ini. Puasa tau!"
  • Budak : "Kenapa Bapak juga nutupin perut?"
  • Bapa : "Kebelet tau, Bapak juga ingin BAB."